Alhamdulillah ngahiji,ku berkah Sholawat nabi.
Pondok asshogiri tempat,belajar sareng sholawat.
Dimulai pihak aparat,sampaiken ka masyarakat.
Para ajeungan jeng santri, kumpul sadayana jalmi.
Tikota kampung ngajihi, daratang ka asshogiri.
Khususna malem salasa,rutinan nutos biasa.
Ngarebu luar biasa, fadhol ti allah kawasa. Ngaguruh maca sholawat,sabab hayangna syafaat.
Diakhir poe kiamat,hayang bagya jeung salamet.
Langsung dipimpin syekhuna,mama ajeungan imamna.
Ku mulya akhlak adabna,sopan santun bahasana.
Oge sareng mama anom,nu ngawuruk siang malem.
Berjamaah tara padem,sanajan seueur nu ngulem.
Sareng dina mingguanna,darongkap timana-mana.
Khusus ka kaum bapak na,ngaraos johar tauhidna.
Ngajelaskeun patekadan,sifat allah kawajiban.
Sareng bab peribadahan,fathul mu'in mertelakeun.
Dina reboan geh sami,ngaraos khusus ka istri.
Supaya sadaya istri,ngabaktina ka salaki. Elmu mama tos ka masyhur,ka kota ka lembur-lembur.
Janten elmuna tabahur,ku berkah turunan luhur.
Sakur nu dicarioskeun,komo anu diaoskeun.
Janten bisa dipastikeun,ka jalan pisalamauteun.
Aduh poharana mama,berehanna ka sasama.
kaya miskin tetep sama,teu pandang bulu jeung mama.
Akhlak mama nu tawaddhu,komo kana guru-guru.
Mugia urang bisa niru,ku berkahna para guru.
Mama sering nganasehat,ka santri sareng masyarakat.
Ka ibu rama teh to'at,supados ningkat darajat.
Mugia urang ngahariji,ku berkahna para wali.
Sareng sholawat ka nabi,di pesantren asshogiri.
Sareng diangken muridna,ku mama sareng wargina.
Nu masyhur dina elmuna,nu apik dina amalna.
Aamiin Aamiin Aamiin Aamiin,Aamiin mujibassailin
Ayo dukung terus channel kami, dengan menekan tombol Subscribe 😊
#syairansantrisalafy #syairanrindu
#bilbarkahmamanahrowi
Информация по комментариям в разработке