Kalakay Gupay Side 1 (Kagegelan ti Mang Koko sareng Mang Nano)

Описание к видео Kalakay Gupay Side 1 (Kagegelan ti Mang Koko sareng Mang Nano)

Kalakay Gupay
Euis Komariah
Eka Gandara

1. Kembang Balebat - Mang Koko 00:01
2. Indung Jeung Anak - Mang Koko 05:11
3. Asih - Nano S 13:54
4. Mapaler Hate - Nano S 18:35
5. Wengi Enjing Tepang Deui - Mang Koko 24:18
=========
Kembang Balebat
Bagea kembang balebat
Ditaman mandala purwa
naon bacaeun ayeuna maca beurang ku beurangna
Ngaji peuting ku peutingna deresan na papatunan
Da hirup ngan sakolebat
Diudag-udag balebat
Ditutur-tutur ku layung
Ngalungsar diperjalanan
Engke atawa isukan saha nu terang


Indung jeung Anak

Euleuh Ema, itu bulan di langit ku mingkin asri
Gawulang lir pameunteu widadari

Ieu Ujang, ulah samar
Apan eta putri di gedengeun prameswari
Jaga mun hidep jadi Narpati

Tapi bet aya kalana gening Ema
Anu geulis anu endah, ngahiang duka kamana
Kari diri nganti anti
Rasa rosa, deudeupeun reujeung leungiteun

Poma Ujang kudu ngarti masing surti
Nu ngahiang, anu tilem, tilemna henteu sabongbrong
Tapi ngancik na dasaring ati
Mangke oge hamo burung deui tembong

Naha Ema, mangsa datang jeung indit silih baganti
Teu lana lir cahaya katumbiri

Ieuh Ujang ulah samar
Sakur nu kumelit tara aya nu abadi
Iwal ti Gusti Yang Widi.

Комментарии

Информация по комментариям в разработке