JANG - COVER - RAMDLAN (LAGU SUNDA- SUB INDONESIA)

Описание к видео JANG - COVER - RAMDLAN (LAGU SUNDA- SUB INDONESIA)

JANG - COVER - RAMDLAN (LAGU SUNDA)

LIRIK:

Jang...
Hirup teh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran
Bari kudu dilakonan

Jang....
Jalan kahirupan
Heunteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang
Ulah nepak dada beunghar
Salawasna kudu syukur
Eling ka Nu Maha Agung
Kade hidep bisi kufur

Jang...
Cing jadi jalma hade
Cing jadi jelema gede
Beunghar harta jembar hate

Jang
Hidep cing ngajalma
Turut parentah agama
Ulah jauh ti ulama

Nyobat sareng ahli tobat
Dalit sareng para kiyai
Hirup keuna ku owah gingsir
Ngarah aya anu ngageuing
Mangsa lengkah ninggang salah

Cing pinter tur bener
Cing jujur tong bohong
Ulah nganyerikeun batur
Ngarah hirup loba dulur

Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabe'at
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia akherat

Jang..
Jang…
Cing jadi jalma sholeh
Jang…. Jang…
Hidep cing sholeh

Комментарии

Информация по комментариям в разработке