Sinden Na Aranom Keneh Geuning | Kembang Tanjung Panineungan

Описание к видео Sinden Na Aranom Keneh Geuning | Kembang Tanjung Panineungan

Kembang Tanjung Panineungan

Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun

Dipakarangan nu reumis keneh

Harita keur kakandungan ku hidep

Nu opat tahun ka tukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran

Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun rebun

Bet henteu sangka, aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep

Nu opat poe teu mulang ngepung gunung
Pager bitis

Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun, dipulangkan

Harita waktu layonna geus datang

Ema ceurik ieuh balilihan
Ras ka hidep ieuh na kandungan

Utun inji budak yatim, deudeuh teuing

Harita waktu layon geus di gotong

Ema inget ieuh kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran

Kembang asih panganggeusan ieuh ti duaan

Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hidep

Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna ngan ku hariring

Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung

Eh kembang tanjung
Nu nyengitan pakarangan
Nu nyengitan hate urang, panineungan

Berlangganan Ke Saluran Kami
Klik Disini    / @sundaan  
__

Комментарии

Информация по комментариям в разработке