Tembang Sunda Cianjuran- Sampiung Arafah + Sang Wening Ati - Rosyanti & Mustika Iman

Описание к видео Tembang Sunda Cianjuran- Sampiung Arafah + Sang Wening Ati - Rosyanti & Mustika Iman

Tembang Sunda Cianjuran - Sampiung Arafah + Sang Wening Ati (diciptakan pada tahun 2001)
Karya lagu/lirik : Yus Wiradiredja & Arranger musik : Yus Wiradiredja
Album Rekaman Tembang Sunda Cianjuran Sanggita (ath_Thawaf)
" Patelak Rasa "
juru mamaos (vokalis) Rosyanti & Mustika Iman
Pamirig (Musisi): Yusdiana (kacapi Indung),Rijal (suling) Octa (rincik) Nanang J (Kenit)
Audio & Mixing: Abuy
videographer : Yanyan Suryanda
Produksi: Sanggita -ath_Thawaf tahun 2011
---------------------------------------------------------------------------------------------------
Terima kasih kepada subscribers yang sudah like, share dan komen di channel Sanggita Official
(Thank you to our Subscribers who have already liked, shared and filled in comments on Sanggita Official Youtube Channel.)

Sampiung Arofah
Lagu/rumpaka: H.Yus Wiradiredja (2001)
Laras: Mandalungan

Panas poe nu moreret
meres kesang aci badan
gunung batu nu taringgul
sakedapan, ngendagkeun kalbu
seahna angina arofah
meh-mehan, mangpengkeun iman
rasa nu nyaliara
sampiung diri ka mendi
dipaluruh siga nu jauh
dipapay puguh ayana

Bari ngedeng nunjang ngaler
nyarande ngiblatkeun hate
saukur baju salambar
nyampayna na awak tuna
warna bodas atra nyacas
ngolebat hideung saulas
ngacacang na langit peteng
diri anjog ka leuweung teuing
ngaprak kapadang anyar
keur mapay laratan ingsun

Sang Wening Ati
Lagu/rumpaka: H.Yus Wiradiredja / Laras: Mandalungan (2001)

Sang wening ati
sumarambah dina sukma
sang wening ati
muarana jero kalbu
Duh sang wening ati
nyandingna nu Maha Wening
duh sang wening ati
Jadi obor cahya diri

Sang wening ati
tara jalir tara cidra
sang wening ati
kaancikan Rahman Rahim
Sang wening ati
wujud heman jadi asih
sang wening ati nu beresih
jadi tuduh kahirupan

#sanggita #yuswiradiredja #cianjuran #tembangsundacianjuran #paguyubantembangsundacianjuran #amburos #lagusunda

Комментарии

Информация по комментариям в разработке